Halaman:Wawacan Gandasari.pdf/47

Dari Wikisumber bahasa Indonesia, perpustakaan bebas
Halaman ini telah diuji baca

34

awang-awang, jadi beurang jadi peuting, ceuk sawareh Allah teu di luhur teu di handap.

188. (10) Eta teu puguh enyana, kabeh ge tuturut munding. nu sawareh eta jalma, jampe tobat nu diaji, aya nu sahiji deui, ngan neangan jampe pupus, nyampean dina pinggang, pinggang dieusian cai, pamuradan eta teh jeung pameradan.

189. (11) Pamuracan warna-warna, pameradan kitu deui, sarua jeung jampe tobat, eta ge nya kitu deui, pirang-pirang nya pamanggih, hanteu sapatotos kitu, kabeh ge jampe ilang, sanyatana tapi lain, bororaah nu ilang aya jampena.

190. (12) Ari anu saenyana, nu matak sampurna diri, lain elmu pameradan, ari caturna Ki Sari, eta bororaah teuing, anu ilang bisa nyebut, eling ka jajampean, engkak-engkak hanteu eling, manan eta dingaranan kalahiran.

191. (13) U1ah atoh pedah bisa, nya kudu neangan deui, neangan jatining ora, reujeung kanyataan Rasul, reujeung jatining Allah, jeung jatining lahir batin, mun geus timu entong susah ngaji kitab.

192. (14) Rakana seug sasauran, seug Adi tuduhkeun deui, eta masing saenyana, Rai popoyankeun deui, lamun Kakang tacan ngarti, jatining suwung nya kitu, jatining ora eta, ieu sahadat sajati, kanyataan iman ge nya eta pisan.

193. (15) Jatining Pangeran eta, Rasulullah eta geuning, Nabi Muhammad nya eta, ieu lahir itu batin, Allah oge eta geuning, teu jauh eta jeung itu, ieu ge nya sarua, sakitu pamanggih kuring, ngan sakitu Kakang teu aya lajengna.

194. (16) Sakitu ge kuring eta, beunang mikir beurang peuting, nurun tina suluk Jawa, tapi ku kuring disalin, sangka-