Halaman:Wawacan Gandasari.pdf/46

Dari Wikisumber bahasa Indonesia, perpustakaan bebas
Halaman ini telah diuji baca

33

181. (03) Lampah anu ngaji tea, kudu datang ka ngajinis, mun katam kudu katampa, eta lampah anu ngaji. lamun ngaji teu ngajinis, santri ngan kalah ka gundul, dipake pacarian, ngan jajaluk jeung musapir, unggal poe seug dipake kauntungan.

182. (04) Unggal poe milemburan, mawa iteuk nyoren badi, leumpang tungkul lalaunan, brek cingogo pok musapir, mun teu dibere balik, pikirna mani nguluwut, pikirna mah nyarekan, teu inggis nyebut keun kapir, jalma eta pangangena ngan sipatna.

183. (05) Jaga Sia ka naraka, Sia teungteuingeun teuing, aing bakal ka sawarga, da aing mah bisa ngaji. ngomongna barina balik, lamun kitu santri luput, omonganana sorangan, ujub pedah bisa ngaji, ngajina mah hanteu datang ka jinisna.

184. (06) Kitab sagala diambah, manggih nu anyar diaji, parandene moal beak, dibanding keusik basisir, masih keneh rea ilmi, caritana moal tutup, sagara datang ka saat, dipake ninyuhan mangsi, tatangkalan geus beak dipake kalam.

185. (07) Kitabna mah tacan beak, ngan lamun masantren deui, ulah sok katotonggoyan, lamun anggeus bisa balik, jeung eta lamun dipikir, neangan hatena kangkung, canir bangban, kalah bongkok moal manggih, manuk ngapung neangan tapak di handap.

186. (08) Heulang ngalayang diudag, kalangkangna nu kapanggih, jinisna mah hanteu beunang, baraya heubeul teh teuing, ruketna kaliwat saking, pasanggrok tacan patepung, nu euweuh diteangan, nya meureun moal kapanggih, pangeran mah dibabawa mawa-mawa.

187. (09) Sawareh nu ngangaranan, Pangeran di luhur langit, carek anu cacarita, kahalangan tujuh lapis, carek nu sawareh deui, Pangeran mah hanteu jauh, aya di