Halaman:Wawacan Gandasari.pdf/44

Dari Wikisumber bahasa Indonesia, perpustakaan bebas
Halaman ini telah diuji baca

31

166. (06) Lamun eukeur di dunyana, Betal Mamur enya eta nu dipuhit, jagana di dalem kubur, eta tinggal sirahna, hanteu lebur sabab panemuna kitu, lamun tekad di dunyana, muhitna kana ati sir.

167. (07) Jadi cai di kuburna, eta anu muhit kana ati esir, teu saat saumur-umur, reujeung lamun muhitna, roh Idopi jadi bresih dina kubur, reujeung lamunna narima, badanna badan jasmani.

168. (08) Nyawa rohani nya eta, eta tangtu jagana meureun kapanggih, jadi langgeng dina kubur, teu meunang pancabaya, jiga sare ngalonjor saumur-umur, sabab kitu panemuna, tekadna sahiji-hiji.

169. (09) Lamun eta narima, persambungan reana opat perkawis, persambungan ti Hiyang Agung, ti indung jeung ti bapa, malaikat pada milu nyambung-nyambung, eta mun kitu tekadna, jagana meureun kapanggih.

170. (10) Dina kubur paburisat, pisah-pisah tangtuna sahiji-hiji, satekadna eta kitu, Pangeran sipat Rahman, warna-warna panemuna hanteu tangtu, Gusti Allah sipatna Murah, dan meureun diturut deui.

171. (11) Ulah mangeran nu lian, enya mangeran kudu ka Maha Suci, ka Pangeran anu Agung, tapi kudu waspada, ulah samar ulah mangmang ka Yang Agung, da Kakang teu kahalangan, kudu waspada ka diri.

172. (12) Lamun ngaranan awakna, Maha Suci eta jadi kupur-kapir, lamun tekadna nya kitu, awakna jadi Allah, ulah pisan da eta lain Yang Agung, kudu waspada ka rupa, tapi lain Maha Suci.

173. (13) Manan ewuh ngangaranan, lamun ngangken ka awakna Maha Suci, eta jadi jalma kupur, sabab lain awak, sing waspada tulis diri.