Halaman:Wawacan Gandasari.pdf/43

Dari Wikisumber bahasa Indonesia, perpustakaan bebas
Halaman ini telah diuji baca

30

158. (14) Suluk Sunda eta teh moal ngawuruk, ngan urangna kudu mikir, ulah atoh ku sakitu, nya kudu neangan deui, ulah sok resepan ngomong.

159. (15) Kanyataan eta teh kudu diurus, ulah sok salah mangarti, ulah pedah anggeus sepuh, ku maneh tacan kaharti, rasana asa dipoyok.

160. (16) Lain kitu upama nu jadi sepuh, ulah sok kalah kabelik, sumawonna nyapa7nyapu, ku anak incu nu leutik, eta matak mungkur omong.


IX. PUPUH PANGKUR ( 18 pada )

161. (01) Pangkur anu kacarita, suluk Sunda ayeuna balikan deui, eta Kakang urang catur, bisi aya liwat, dibasakeun lapad Sirri Al Insannu, keris abus ka sarangka, eta nu lumrah teh teuing.

162. (02) Enyana mah lain eta, dingarankeun lapad Al Insanu Sirri, jadi sarangka nu abus, geura manah ku Kakang, tapi eta loba-loba anu nyebut, warangka manjing curiga,enyana mah teu kapanggih.

163. (03) Jalma kumaha tekadna, nu dipuhit tangtuna meureun kapanggih, sababna eta Yang Agung, da meureun sipat Rahman, dalilna teh nya Wajida Wajidahu, sapatemen tinemenan, sapagoroh-goroh deui.

164. (04) Lamun tekadna teu aya, dina kubur tangtuna nya meureun leungit, tatapi leungit teu puguh, kumarambang di dunya, manan loba eta dingarankeun nyurup, loba anu kasurupan, ngarancana anak rabi.

165. (05) Nu muhit ka Betal Mukdas, enya eta jajantung anu dipuhit, jagana di dalem kubur, laleungit sakabehna, anu tinggal ngan kari ati jajantung, sababna eukeur di dunya, muhit ati sanubari.