Halaman:Wawacan Gandasari.pdf/42

Dari Wikisumber bahasa Indonesia, perpustakaan bebas
Halaman ini telah diuji baca

29

148. (04) Nu sawareh siga rajin hade semu, ari ngomong jeg nu alim, siga anu hade elmu, siga nu nyaho teh teuing, diantepan tuluy ngobrol.

149. (05) Ka sasama lelewa teh ngan rek nguyup, jalma ngan kalah ka ginding, tanjak-tunjuk jeg nu becus, jalma teu manggih pangarti, karepna hayang diogo.

150. (06) Jeung cirigih ngomongkeun nu hanteu puguh, upama nu hade ilmi, ulah gagabah nya saur, nya eta kudu dipahing, goreng ucap teu rumaos.

151. (07) Lamun kitu gagalna nu boga elmu, rasana hanteu diaji elmu tea hanteu jauh, kabeh di awakna geuning, pangeusi awakna jongkot.

152. (08) Kabeh oge di urang anggeus karumpul, dingding jalal aras korsi, aras mahsar anggeus kumpul, loh kalam masrik jeung magrib, tapi eta kudu nyaho.

153. (09) Malaikat Ijrail eta nya kitu, Isropil nya kitu deui, Minkail ge moal jauh, jeung malaikat Jabrail, meureun pada boga enggon.

154. (10) Geura pikir kabeh oge pada pupus, lamun Ijrail sahiji, meureun ewuh sarta ripuh, da loba anu sahiji, moal bisa elak-elok.

155. (11) Reujeung deui eta Kirun Wanakirun, eta teh nya kitu deui, purah nanya nu di kubur, eta oge deui, kabeh oge boga enggon.

156. (12) Kudu nyaho di urangna masing tangtu, kudu waspada di lahir, ulah ngomong tamba luput, saenyana teu kaharti, ngomong soteh tamba pogog.

157. (13) Seug kakang na ana pok barina nyaur, Adi popoyankeun deui, Kakang teh bet pada ewuh, adina seug ngomong deui, teu beunang dipake ngomong.