Halaman:Wawacan Gandasari.pdf/41

Dari Wikisumber bahasa Indonesia, perpustakaan bebas
Halaman ini telah diuji baca

28

139. (12) Seug rakana tuluy nangis bari tungkul, jadi naha Kakang, mun teu panggih jeung Rai teh, geus kamanah eta teh meureun ku Kakang.

140. ( 13) Reujeung deui Kakang teh kuring mihatur, lamun imah-imah, Kakang anggeus boga ewe, jeung kumaha nya ngangken ka pamajikan.

141. ( 14) Reujeung kawin di masigit mana kitu, sarta nu nyaksian, saha anu ngawinkeun teh, reujeung deui walina teh eta saha.

142. (15) Seug Kakang ti dinya tuluy ngawangsul, walina mitoha, kawin di masigit gede, nu ngawinkeun wawakil panghulu landrat.

143. (16) Seug adina ti dinya tuluy ngawangsul, lamun kitu gagal, kawin ngan di dunya bae, lamun kitu moal nepi ka aherat.

144. (17) Tapi eta neangan jalma sapuluh, pantes moal nya, lamun urang neangan teh, kalah pegat lamun teu guguru heula.


VIII. PUPUH MAGATRU ( 16 pada)

145. (01) Jalma tea tangtu kudu boga guru, da moal nyaho ti kadim, kudu mindeng ruang-riung, reujeung batur nu geus ngarti, ulah sore ngajolopong.

146. (02) Ulah rasa urang teh geus boga elmu, meureun eta aya deui, jalma teu beunang ditangtu, aya anu siga rajin, tapi teu aya kanyaho.

147. (03) Lamun aya nu badami pada sepuh, ngadengekeun bari cicing, ulah ngomong tambuh-tambuh, mun aya nu teu kaharti, pok ngomong bari tataros.