Halaman:Wawacan Gandasari.pdf/40

Dari Wikisumber bahasa Indonesia, perpustakaan bebas
Halaman ini telah diuji baca

27

129. (02) Enya bae Kakang eta anggeur sepuh, kudu dipapagahan, Kakang mah rek nurut bae, montong inggis Kang Rai geura popoyan.

130. (03) Kitu soteh sim kuring ngurugan gunung, nguyahan sagara, nyiduh ka langit kuring teh, tapi poma ulah pake kasauran.

131. (04) Moal aya pedahna ngomongkeun, ulah lalawora, teu beunang dipake guyon, lamun anu nanya saenyana.

132. (05) Lamun manggih pecah dada tugel hulu, lamun teu kitu mah, ulah diberean nyaho, kerna kitu elmu teh eta larangan.

133. (06) Elmu tea saperti manuk Tikukur, teu jauh ti rupa, sadana ge kitu keneh, jeung Galatik sadana oge tiktikan.

134. (07) Silokana kembang jeung Bangbara Tunggul, mana nu ngawula, mana bae nu anut teh, moal temen kembang tara leuleumpangan.

135. (08) Mana bae pikiran eta nu anut, mun Bangbara moal, nya hurip sorangan bae, tapi eta nu anut meureun sarua

136. (09) Bangbara teh mun teu nyeuseup moal hirup, tapi enya eta, bangbara anu anut teh, eta kitu silokana awak urang.

137. (10) Allah tea jeung Muhammad hanteu jauh, manan dijenengan, Nabi panutan eta teh, saenyana Allah anut ka Muhammad.

138. (11) Geus sampurna rasa Allah reujeung Rasul, geus aya kaula, nginjeum diinjeuman bae, eta kitu Gusti teh reujeung kaula.