Halaman:Wawacan Gandasari.pdf/39

Dari Wikisumber bahasa Indonesia, perpustakaan bebas
Halaman ini telah diuji baca

26

120. (15) Jeung dicekel sungut urang deui, sangkanna molongo, dihuapan timah ajur keneh, hanteu meunang hanteu daek deui, nanah reujeung getih, dititah diuyup.

121. (16) Seug haturan ayeuna Kang Rai, sarta bari mondo, susah temenan awak Kakang teh, ngaji kitab eta beurang peuting, matak nganyenyeri, teu matak rahayu.

122. (17) Lamun kitu teu milu Kang Rai, elmu Kakang awon, nyilakakeun eta pangarti teh, ari tekad panarima kuring, matak guru ilmi, sok hayang rahayu.

123. (18) Jeung dipesat eta nyawa kuring, muga ulah kalakon, manan kuring guru elmu oge, siksa kubur sing ulah kapanggih, jeung ulah kapanggih , Kirun Wanakirun.

124. (19) Susah temen Kakang bisa ngaji, masantren keur naon, mun teu bisa eta ngaji oge, sakaratna eta meureun nyeri, diruang ka bumi, disiksa di kubur.

125. (20) Jeung teangan kuburan nu yakti, sing datang ka nyaho, ulah Kakang hanteu nyaho bae, ulah ngaran kaluat di bumi , ku Kakang sing kapanggih, awak Kakang lebur.

126. (21) Reujeung Kakang cing teangan deui, nu nyiksa sing nyaho, wanakirun teh di mana bae, ayeuna eta masing kapanggih, lamun teu kapanggih, disiksa di kubur.

127. (22) Jeung pikiran dingarankeun mati, nu mati teh naon, anu milih naonana bae, anu ilang naonana deui, dingarankeun balik, ayeuna geus mucung.


VII. PUPUH PUCUNG ( 17 pada )

128. (01) Tuluy tungkul ka Adina bari nyaur, seug Adi pagahan pedah Kakang hanteu nyaho, narimakeun Kakang eleh nya panemu.