Halaman:Wawacan Gandasari.pdf/38

Dari Wikisumber bahasa Indonesia, perpustakaan bebas
Halaman ini tervalidasi

25

111. (06) Ti pasantren Kakangna mah balik, kitabna digotong, nu dijugjug ngan imahna bae, adina oge nya kitu deui, nganclong bae balik, imahna dijugjug.

112. (07) Datang bareng kakangna jeung Adi, duanana sono, naha Adi manan papisah teh, di pasantren ngarepngarep Adi, bet hanteu kapanggih, jeung Kakang teu tepung.

113. (08) Naha Adi manan teu kapanggih, ti mana nya nganclong. Kuring nyaba teu terus masantren, sukur pisan ayeuna kapanggih, ayeuna sim kuring, nyuhunkeun piwuruk.

114. (09) Hayang nyaho Islam nu sajati, kuring tacan ngartos, duh Adi kutan hirup teh hese, dosa urang sakuriling bungking, kabeh nyiksa diri, lamun urang pupus.

115. (10) Carek kitab nu nuduhkeun geuning, nu sakarat komo, jeung dipesat nyawana urang teh, nu mesat Malaikat Ijrail, liwat saking nyeri, nu sakarat kitu.

116. (11) Tinanding jeung urang disisit, tujuh kali rocop, sakitu ge eta mending keneh, lamun ilang di kubur di bumi, liwat saking nyeri, disiksa dikubur.

117. (12) Panon poe eta datang deui, tujuh pada mencrong, tuluy datang anu rek nyiksa teh, huntu luhur ngagaris ka bumi, huntuna pabeulit, nu handap ka luhur.

118. (13) Soca na ge siga arek bijil, saupama goong, jeung paneunggeul liwat saking gede, beuratna eta sarebu kati, ngaranna teh geuning, Kirun Wanakirun.

119. (14) Seug diteunggeul liwat saking nyeri, awak urang nganclong, burakrakan saawak urang teh, tuluy urang dihirupkeun deui, geus ditanya deui, seug urang dipukul.