Halaman:Wawacan Gandasari.pdf/37

Dari Wikisumber bahasa Indonesia, perpustakaan bebas
Halaman ini telah diuji baca

24

103. (20) Reujeung deui ka guru matak doraka, eta teh tilu perkawis, nu wajib disembah, jeung eta ratu urang, eta ge nya kitu deui, matak doraka, poma ulah arek wani.

104. (21) Mun geus euweuh eta indung bapa urang, aya deui anu wajib, eta ganti bapa, dulur nu pangkolotna, kitu soteh mun kapanggih, jeung panemuna, bisa mapatahan deui.

105. (22) Ka nu ngora lamun bisa mapatahan, eta elmu nu sayakti, bisa mapatahan, matak wajib disembah, lamun kolot tacan ngarti, nya wajib nanya, bijil omongan rek ngaji.

IV. PUPUH MIJIL

106. (01) Kacarita kakangna jeung adi, bapana geus kolot, maneh Agus geura masantren , maneh ulah tonggoy teuing ulin, sing boga pangarti, da bapa geus sepuh.

107. (02) Nya masantren maneh ka nu alim, ka pasantren gerot, seug ti dinya geus laleumpang kabeh, ngan bapana nu tinggal di bumi, anakna arindit, leumpangna geus jauh.

108. (03) Anggeus datang ka pasantren nepi, ngajina garetol, anggeus heubeul bararisa kabeh, anggeus heubeul pararindah deui, kakangna jeung adi, ti dinya pajauh.

109. (04) Seug papisah kakangna jeung adi, neangan paguron, indung bapana anggeus paraeh, anggeus heubeul diajar ngajina, heubeulna digurit, genep welas taun.

110. (05) Adina mah teu masantren deui, seug tuluy ngalantong, kakangna mah di pasantren keneh, ngan ngaji reujeng ibadah deui, puasa jeung ta dim, hanteu petot waktu.