Halaman:Wawacan Gandasari.pdf/36

Dari Wikisumber bahasa Indonesia, perpustakaan bebas
Halaman ini telah diuji baca

23

095. (12) Ujub riya takabur nya lalampahan, poma-poma ulah teuing, lampah panasaran, jeung ngunek-ngunek manah, kudu beresih nya pikir, nya kudu bisa, ngangeunahkeun ati jalmi.

096. (13) Lamun ngeunah tangtu ngarasakeun ngeunah, engkena meureun kapanggih, lamun henteu ngeunah, kapanggih moal ngeunah, sababna teu beda deui, ngan sejen rupa, sejen jeung wayangna deui.

097. (14) Dalangna mah kabeh ge meureun sarua, anu matak ulah pidik, lampah sisirikan, kanu gede hidayat, jeung pedah hidayat leutik, mun kitu manah, nya sirik ka Maha Suci.

098. (15) Poma-poma nu kitu geura singkahan, sababna keresa Gusti, urang teh ngumbara, eta kersa Pangeran, nincak kana jagat Sagir, geus dijangjian, hade jeung gorengan deui.

099. (16) Anu hade meureun jangji urang, anu goreng kitu deui, eta jangji urang, bagja reujeung cilaka, nu matak ulah sok sirik, sok ngagorengan, jadi ka Yang Widi.

100. (17) Lamun hade eta ka pada kaula, jadi hade ka Yang Widi, lamun ngagorengan, jadi goreng ka Allah, mana hirup kudu mikir, ulah sok mungpang, ka indung ka bapa deui.

101. (18) Lamun mungpang eta kakolot-kolotna, dorakana lahir batin, sababna lantaran, urang ti dinya medal, enya kersa Kanjeng Gusti, eta jalanna, eta teh kudu gumati.

102. (19) Ulah pedah urang asak panemuna, atawana pedah rajin, jeung ka guru urang, guru nu saenyana, eta ge nya kitu deui, matak doraka, guru teh upama Gusti.