Halaman:Wawacan Gandasari.pdf/35

Dari Wikisumber bahasa Indonesia, perpustakaan bebas
Halaman ini telah diuji baca

22

087. (04) Kapanggihna kudu kanu ngaji rasa, nya eta meureun kapanggih, nu ahli tarekat, eta ge moal aya, hakekat moal kapanggih, kudu maripat, nya eta meureun kapanggih.

088. (05) Kapanggihna kudu meunang ngaririhan, sababna moal kataksir, eta teh eyana, dinu belewuk pisan, sabab diaranan sihir, ku sarerea, siga nu teu boga pikir.

089. (06) Elmu tea elmu sihir anu enya, lampahna nu kupurkapir, batal reujeung haram, sabab eta pipinding, Islamna indallah geuning, kapir indanas, llµnpahna ngapeskeun di diri.

090. (07) Anu Islam ngarasakeun wujud tungg;al, tunggalna jadi sahiji, teu aya antara, eta reujeung Pangeran, rupana Pangeran geuning, amajanullah, usik malik jadi puji.

091. (08) Leuleumpangan eta muji ka Pangeran, eureunna gejadi puji, diuk jeung nangtungna, ngan muji ka Pangeran , ngomong seurina ge muji, jeung sasarean, hudangna ge jadi puji.

092. (09) Eta kitu lampah nu ahli maripat, sagalana jadi puji, teu aya nu lian , ng~m muji ka Pangeran, sababna Pangeran geuning, jauh teu angg;ing, ngaruket napel na diri.

093. (10) Mana kitukumahalampahnajalma, tangtuna meureun kapanggih, lamun tekad anggang, tangtu moal kapendak, lamun tekad deukeut geuning, meureun kapendak, nya eta jeung Maha Suci.

094. (11) Reujeung deui eta lamun geus kapendak, poma ulah arek dengki, ka pada kaula, atawa popoyokan, nyeung seurikeun kanu lian, lang$ung nya ucap, sirik atawana pidik.