Halaman:Wawacan Gandasari.pdf/34

Dari Wikisumber bahasa Indonesia, perpustakaan bebas
Halaman ini telah diuji baca

21

081. (19) Lamun maneh eta seug caringcing, geura nanya pihape Pangeran, masing saenyana maneh, ceuk anu saenyana maneh, ceuk .anu sawareh kitu, Iman tohid, maripat geuning, eta pihape Pangeran, wali mumin kitu, da milu kapihapean, enya eta jawaban nu maih sirik, hanteu datang ka enyana.

082. (20) Pangrasana eta iman, tohid, jeung maripat kabeh geus sarua, geus leungit eta sakabeh, geus sirna eta sakitu, euweuh anu tinggal sahiji, reujeung anu katitipan, kabeh age mampus, nabi wali teu katingal, leungit kabeh euweuh nu tinggpl sahiji, eta suwung ngaranna.

083. (21) Dingarankeun Hiyang Maha Suci, dingaranan eta warna-warna, da ku roh idopi age, reujeung roh eta teh kitu, reujeung napi isbatna deui, nyatana mah masing awas, eta teh nya kitu, jeung paesanana sirna, hanteu aya jatina suwung teh teuing, ulah mundur ti dunya.


V. PUPUH DURMA ( 22 pada)

084. (01) Tembang durma caritana suluk eta, poma-poma balik deui, memeh aya urang, bapa ge masih bujang, indung eukeur lanjang leutik, urang di mana, ayana urang nya cicing.

082. (02) Lamun euweuh bakal urang rupa, moal lamun euweuh geuning, reujeung lamun aya, sababna tacan rupa, ewuh teu beunang dipikir, sabab teu aya, euweuh sajeroning tulis.

086. (03) Dina lapad kitab oge hanteu aya, moal aya dina dalil, mun teu guru heula, guruna kanu enya, ulah pedah bisa ngaji, seug diguruan, eta teh moal kapanggih.