Halaman:Wawacan Gandasari.pdf/33

Dari Wikisumber bahasa Indonesia, perpustakaan bebas
Halaman ini telah diuji baca

20

075. (13) Kolot bongkok teu nyaho clikawin, ka tungkulkeun ku tatakrama, sunat pardu pake ngomong, sembahiyang unggal waktu, enya eta jadi pipincling, puasa reujeung sidekah, jakat pitrah kitu, hanteu jadi kasenangan, anu tonggoy cirina tacan kaharti, kusabab teu kapendak.

076. (14) Kolot linglung eta kitu deui, hanteu pegat dipake omongan,elmuna beuki ngaranjah, tata lapad nu ditunggu, hanteu guguh anu dicangking, cirina hanteu uninga, katungkul ku waktu, jalma tara daek nanya, ceuk nu bisa rasana mah geus kaharti, enyana mah teu acan.

077. (15) Daluangna aya sapadati, jeung teu pegat hukum nu dibawa, batal haram pake ngomong, beuki heubeul seug kapahung, iman tohid pake ngawih, maripat pake nyarita, seg beuki kapahung, Kaula Gusti Pangeran, seug ngomongkeun eta sembah reujeung puji, eta nu lalawora.

078. (16) Dat jeung sipat pake ngomong deui, asma ap'al pake kaomongan, beuki panjang sirik bae, ngomongkeun para Rarasul, Nabi Wali dipake ngawih, maripat keur kasauran, nya beuki kapahung, ngandel teuing kana beja, euweuh gawe ngucapkeun Kaula Gusti, anggur sarean.

079. (17) Tara kitu anu anggeus leuwih, anggeus tunggal aya nu sarua, jeung sarua lampahna ge, tapi loba anu bingung, kerna kitu rea pipinding, ditaksima lain eta, tapi enya kitu, anu ngarasa kaula, enya eta pikiran nu cupet ati, kanyaho bodo pisan.

080. (18) Lamun maneh anggeus hirup, poma ulah rek ngarasa ilang, leungit jeung ragana kabeh, ulah aya dina kubur, ulah rek ngabedakeun pati, anu anggeus bisa ilang, tangtu bisa hurip, lamun bisa eta ilang, ilang soteh upamana anu hurip, sakersana kawasa.