Halaman:Wawacan Gandasari.pdf/32

Dari Wikisumber bahasa Indonesia, perpustakaan bebas
Halaman ini telah diuji baca

19

ngawangsul, puyuh seug ngawangsul deui, kaula mah tara nyembah, mun Juragan jauh, nyembah soteh ka nu aya, mun teu aya keur naon bet nyembah deui, nyembah kanu teu aya.

070 . (08) Reujeung deui mun teu betah kami, kurungan teh meureun di babawa, sabab nyaah kurungan teh, reujeung obah usik hirup, eta oge keresa Gusti, kaula mah teu ngangkenan, kumaha Yang Agung, kula teu ngalalangkungan, narimakeun obah usik kersa Gusti, kitu tekad Kaula.

071 . (09) Ki Purkutut eta ngomong deui, Kakang Puyuh mun kitu nya tekad, ka jabariah eta teh, jeung eta mamawa, kurung, ridu temen ngajingjing-jingjing, beurang peuting dibabawa, kitu meureun ridu, reujeung eta patekadan, jadi sirik kua-kieu kersa Gusti, jadi sirik ngaranna.

072. (10) Wujud dua mun kitu ceuk kami, dat jeung sipat , Gusti jeung Kaula, papisah padewek-dewek, lamun kitu hanteu campuh, teu sampurna nyawa jeung jisim, puyuh malikkeun deui basa, nyuhunkeun piwuruk Titiran eta ngomongna, mun kaula hanteu arek nyembah deui, da meureun geus sarua.

073. (11) Nya Juragan eta enya kuring, teu beda nya kurungan nya kula, tekad hiji keneh, jeung mun rek pupus, kurungan teh seug jadi leutik, antara sagede kacang, seug dipacok tuluy, dijadikeun wujud tunggal, tuluy leungit pulang ka jamanna tadi, asal euweuh bet aya.

074. (12) Seh Birawa ngadengekeun tadi, eukeur tapa nyaur dina .manah, bener omongan manuk teh, bongborong tara pajauh, jeung rupana sadana deui, bener omongan Titiran, tembang na Purkutut, jadi anu tinggal, sima kabeh rob, nyawa, sukma jeung jisim, pulang ka kudratullah.