Halaman:Wawacan Gandasari.pdf/31

Dari Wikisumber bahasa Indonesia, perpustakaan bebas
Halaman ini telah diuji baca

18

tosna napsiah dewekna geuning, nu Jenengna sorangan.

064. (02) Tara jauh jeung rupana deui, jeung ngaranna cara tatangkalan, akarna nya kitu keneh, papagan – geutah, pucuk, tangkal keneh ngaranna kai, tongtolangna eta nangka, buahna nya kitu, kabeh teu aya lianna, siki nangka hatena reujeung jarami, kabeh oge eta nangka.

065. (03) Eta kitu sangkan jadi hiji, patekadan upama tambaga, dicampur emas nu aheng, eta tuluy dibaur, dihijikeun sangkanna dalit, laleungit jenengannana, tambaga geus laput, ngaran emas geus teu aya, jadi sirna ngaran dua jadi hiji, ngalih jenenganna.

066. (04) Mun teu kitu pantes moal tepi, ka elmuna batan seh Birawa, tapana di gunung Gede, nguping omong manuk tilu, nu sahiji manuk Galatik, kadua manuk Titiran, tilu manuk Puyuh, seug manuk Titiran nanya kanu dua, Puyuh maneh jeung Galatik, kumaha panarima.

067. (05) Ceuk Galatik Pamarima kuring, ka Juragan kuring arek nyembah, ka Juragan tarima teh, masingjuraganna jauh, moal burung nyembah, sim kuring sumawona lamun aya, tekad kuring kitu, jeung deui lamun geus pisah, jeung kurungan ku kami moal ditolih, sabab hirup sorangan.

068. (06) Kami hirup hanteu make Gusti, ngan sorangan kadua kurungan, hanteu make Hiyang Manon, tibarang inget ge kitu, kami hirup teu make Gusti, tibarang sorangan, kadua jeung kurung, lamun kitu kodariah, ceuk Titiran, hirup hanteu make Gusti, nyembah kanu teu aya.

069. (07) Titiran teh seug nyarita deui, Kakang Puyuh kumaha aya tekad, pedah urang dimumule, seug Kakang geura