Halaman:Wawacan Gandasari.pdf/29

Dari Wikisumber bahasa Indonesia, perpustakaan bebas
Halaman ini telah diuji baca

16

045. (05) Eta upamana kitu, dalang wayang reujeung kelir, dalangna ge wujud moal, wayangna wujud birahi, kelima acan sabita, kabeh ge wujud birahi.

046. (06) Nabi wali mu'min kitu, kabeh ge meureun pandeuri, kudu ningali ka awak, masing awas nya ningali, eta sampuma ning tingal, moal kahalangan deui.

04 7. (07) Roh idopi jeneng agus, rohani badanna deui, pilih jalma nu uninga, sapuluh mo aya hiji, lamun teu guguru heula, da moal nyaho ti kadim.

048. (08) Lamun hanteu nyata agus, ka Pangeran keur di lahir, jaga-jaga ku katingal, poek medem buta rajin, lamun teu nyaho di dunya, jaga·jaga ku kapanggih.

049. (09) Lamun rek neangan elmu, ulah jauh nya ningali, sing nyaho ka rupa urang, eta rupa nu sajati, ulah salahnya angkenan, sing waspada nya ningali.

050. (I 0) Nya ningal ruhiat agus, masing awas nya ningali, upama ningali bulan, eukeur wanci tengah peuting, eta sakitu awasna, nya ningali ka Yang Widi.

051. (11) Lumaku lungguh jeung Rosul, nya lindih jeung para nabi, ucap lampah nya hakullah, pangambung katilu cepil, paningal ma'ripatullah, badanna badan rohani.

052. (12) Lamun jalma teu guguru, lampahna tuturut munding, mana bae nu nyarita, kadinya miluna deui, rual-reol salawasna, hanteu aya nu dicangking.

053. (13) Arek nanya da geus sepuh, rasana geus bisa ngaji, pedah geus loba kitabna, arek nanya da geus harti, naon anu rek ditanya, da elmu loba di kami.

054. (14) Kitab nahu reujeung usul, eta geus aya di kami, takarub durat tasripan, amal jurumiah tapsir, babu samarkandi durat, kabeh ge anggeus di aji.