Halaman:Wawacan Gandasari.pdf/28

Dari Wikisumber bahasa Indonesia, perpustakaan bebas
Halaman ini telah diuji baca

15

an dumareuda, seug bari nagkeup harigu. Lamun kitu Kakang lebar.

037 . (21) Kakang ngaji tileuleutik, sembahiyang tibubudak, jakat pitrah tibareto, lebar temen badan Kakang. Adi Kakang teh pagahan, anu sanyat aning elmu, sing nyaah ka badan Kakang.

038 . (22) Ki Sari nyarita deui, hanteu beunang lalawora, teu beunang dipake ngomong, sabab lain jajampean, da lain lapad kalimah. Bisi aya nu ngadangu, sababna eta larangan.

039 . (23) Nu mati teu mawa isim, nu ilang teu mawa lapad , nu tilar teu mawa jampe, eta ngan mawa sahadat, da lain sahadat lapad, nu pupus teu mawa elmu, anu kabawa ngan iman.

040. (24) Reujeung lamun ngandung ilmi, nya kudu sabar tawekal, jeung deui ulah munapek, ngunek-ngunek panasaran, kudu pasrah ka Pangeran, kudu alus nganggo elmu, ganti ku sabar tawekal.

Ill. PUPUH KINANTI ( 21 pada ) 04 l . (0 l) Masing inget ku piwuruk . sadayana murangkalih, sing pada nyaho ka awak, meureun nyaho ka Yang Widi. Lamun nyaho ka awakna, eta nu dua perkawis.

042 . (02) Awak lahir masing tangtu. masing awas nya ningali, awak batin sing waspada, ningali terus jeung ati, lahir batin hanteu beda, nyatana meureun di lahir.

043. (03) Lahir upama na kitu, dalang wayang reujeung kelir, dalang anut ka ki wayang, wayangna anut ka kelir, kelima ngomong sorangan, kabeh geus aya di kelir.

044. (04) Dingaranan bangsa luhur, diangken paesan jati, jadi tilu wujud eta, hiji pangheulana kadim, kaduana kadim mukdas, katiluna mukdas kadim.