Halaman:Wawacan Gandasari.pdf/27

Dari Wikisumber bahasa Indonesia, perpustakaan bebas
Halaman ini telah diuji baca

14 028 . ( 12) Upama panon deui, nu hidung jeung bobodasna, eta abe anggang keneh, sababna aya antara, nu hideung jeung bobodasna, eta dingaranan jauh, sabab aya antara.

029 . (13) Tangkal Teureup jeung Kelewih, eta teh taya bedana, upama kembang Jaksi teh, eta meureun jeung seungitna, eta teh tara papisah, poma Kakang masing timu, Gusti teh reujeung kaula.

030. (14) Upama dalang keur calik, nyanghareupan ka ki wayang matak aya dalang oge, sababna aya dalangna, da moal jumeneng wayang, eta upamana kitu, Gusti teh reujeung kaula.

031. ( 15) Lamun Kakang nyembah muji, nya muji kutan ka saha, lamun nyembah ka Yang Manon, eta teu warna teu rupa lain sarua jeung urang. sembah urang hanteu puguh, anggur montong sakalian.

032 . (16) Teu puguh anu dipuji , batan nu ahli sare'at , ngandelkeun kitabna bae , lapad pake kaulinan, ngaji batal reujeung haram , mawa iteuk dikeketruk, mawa tasbeh digamparan.

033 . (17) Ari ngomong bari dikir, sakecap alhamdulillah , tapi tacan Islam keneh, ngan Islam bangsa sare'at, pedahna angge'us netepan , ngomongkeun siksaan kubur, naraka reujeung sawarga.

034 . (18) Jalma kapahung sakali , nyarita ganjaran siksa, nyatana mah hanteu nyaho, nyaritakeun dat jeung sipat. asmana reujeung ap'alna, nyaritakeun Kanjeng Rosul, Muhammad Allah Pangeran.

035 . (19) Nyatana hanteu kapanggih , nu matak sasar kacida , matak Kakang kudu nyaho, ulah sok katotonggoyan, sababna teu acan Islam, Islam soteh 'bangsa hukum, nyatana mah tacan Islam.

036. (20) .Ki Ganda seug tuluy nangis, cipanon cumalimba. Adi Kakang kumaha bae, Kakang pi-islameunana. Sasaur-