Halaman:Wawacan Gandasari.pdf/26

Dari Wikisumber bahasa Indonesia, perpustakaan bebas
Halaman ini telah diuji baca

13

020. (04) Lumpat tarik liwat saking, tapi teu obah awakna, sim kuring sok heran bae, eta nu kitu petana, nyumput buni dinu caang, lamun Kakang tacan timu, sayaktosna tacan Islam.
021. (05) Ki Ganda ngalahir deui, Adi sumangga popoyan, sabab Kakang mah teu hartos, Ki Sari tuluy popoyan, mun ku Kakang teu kapendak, eta teh nyataning elmu, ayana dina salira.
022. (06) Lain papan lain tulis, lain kur'an lain kitab, teangan tulisan dewek, montong neangan nu anggang, ngarampaan nu teu aya, montong nakol anu jauh, montong lampar nu di seja.
023. (07) Taneuh diruang ku bumi, cai ditangung ku hujan, sangu pananggungna congcot, eta siloka kaula, poma ku Kakang teangan, jeung aya seuneu kaduruk, sarangenge kapoyanan.
024. (08) Kapal tilelep ka langit, bangkong ngaheumheum liangna, pilih jalma anu nyaho, teu jauh jeung eta, aran sejen bae pemahna, eta ieu reujeung itu, enyana meureun sarua.
025. (09) Pun Kakang tacan ngaharti, poma rai geura wejang, pun kakang kaliwat bodo. Ki Sari tuluy popoyan, nyatana dat jeung sipat teh, Nabi Muhammad rasul, di mana enggonna nyata.
026. (10) Allah jeung pangeran deui, pangandika ning Yang Sukma, poma-poma kudu nyaho, kana salira Muhammad, eta teh nyatana Allah, sabab eta hanteu jauh, kaula Gusti teu beda.
027. (11) Beda hanteu beda deui, keretas jeung bobodasna, leuwih deukeut Pangeran teh, tinanding jeung beu heung urang, deukeut ka Pangeran, tinanding urang jeung irung, deukeut mungguhing Pangeran.