Halaman:Wawacan Gandasari.pdf/25

Dari Wikisumber bahasa Indonesia, perpustakaan bebas
Halaman ini telah diuji baca

12
013. (13) Ki Sari atoh kacida, sapatotos jeung sim kuring, jeung eta poe Juma'ah, Kakang popoyankeun deui. Ki Ganda nyarita deui, Juma'ah nya hanteu jauh, cai eta nyatana, lain cai tina pasir, reujeung lain karacak cai susukan.
014. (14) Lain cai geledegan, lain cai anu asin, eta lain cai hujan lain seuseupan nu asin, lain sagalaning cai, lain pancuran ci susu, cai nu saenyana, dingarankeun cai mani, wadi mani maningkem jadi salira.
015. (15) Reujeung deui Saptu tea, eta teh lakuning bumi, lain taneuh anu gempal, lain taneuh porang pasir, lain taneuh nu karikil, lain taneuh beureum gunung, lain taneuh sagala, kanyataan bumi jisim, ngan sakitu rai pamanggih pun Kakang.
016. (16) Seug Ki Sari sasauran, Sapatotos jeung sim kuring, pamanggih kuring nya eta, Ki Ganda sareng Ki Sari, jeung rakana sareng rai, duaan patingareluk. hidayat temen urang, jeung dulur papanggih deui, ngan hadena urang hanteu kasamaran.

II. PUPUH ASMARA NDANA (24 pada)

017. (01) Ngan aya sual saeutik, sumangga geura teangan, aya kolot tacan baleg, hanteu nyaho diurusan, anggeus kolot bongkak pisan , leumpangna ge mani ngeluk, sumangga geura manahan.
018. (02) Cikal jadi bungsu deui, bujang anakna sawidak, endog hayam kongko ongko, kuya paeh katiisan, nu lumpuh ngideran jagat, hileud cai neureuy gunung, parahu ngeueum di darat.
019. (03) Heran ku siloka deui, pireu matak katorekan, nu cebol di lebak jero, sirahna ngungkulan mega, sumangga geura manahan, jongkotna aya di puhu, cicing bari lulumpatan.