Halaman:Wawacan Gandasari.pdf/24

Dari Wikisumber bahasa Indonesia, perpustakaan bebas
Halaman ini telah diuji baca

11

006. (06) Jeung eta poe Salasa, mangga Kakang wejang deui, sareng Rebo sakalian, Ki Ganda nyarita deui, Salasa lakuna deui, seuneu basa Kakang kitu, dewana meureun oray, Reho mega nu dilangit, dewa macan kitu panggih pun Kakang.

007. (07) Kemis raspati ngaranna, eta teh lakuning angin, dewana manuk ngarana, Juma'ah lakuning cai, seug haturan Kai Sari, dewana eta pisaur, Ki Ganda ngawalonan, bangkong dewana di cai, sapatotos reujeung pamanggih kaula.

008. (08) Poe Saptu eta Kakang, sumangga popoyan deui, sim kuring hayang uninga, saur Ki Ganda deui, Saptu mah lakuning bumi, Ki Sari pok deui matur, naon dewana Kakang, sumangga pihatur deui, dewa monyet kitu pamanggih pun Kakang.

009. (09) Seug Ki Sari sasalaman, sapatotos jeung sim kuring, kuring sok hayang uninga, deukeutna jeung jisim kuring, poe anu tujuh geuning, di mana enggonna campuh, reujeung badan kaula, hayang uninga kang rai, Kai Ganda tidinya tuluy popoyan.

010. (10) Mimitina poe Ahad, ahadiat ngan sahiji, lakuna lakuning soca, ayana sahiji ati, anu matak ngan sahiji, nya eta nyataning enur, Senen mah dina manah, ayana dina ati sir, kanyataan nu disebut awak urang.

011. (11) Ki Sari deui nyarita, sapatotos jeung sim kuring, Salasa naon nyatana, Ki Ganda ngalahir deui, Salasa lakuning geni, di urangna dina napsu, sipatna ki amarah, cicing dina bayah deui, bijilna mah tina cepil duanana.

012. (12) Rebo kanyataan, nya eta roh idopi, nya eta jenengan urang, jeung Kemis lakuning angin, lain angin kumbang leutik, lain angin Barat liuh, angin jatining napas, hanteu kandeg beurang peuting, mun ngarandeg tinangtu jagatna ruksak."