Halaman:Wawacan Gandasari.pdf/23

Dari Wikisumber bahasa Indonesia, perpustakaan bebas
Halaman ini telah diuji baca

10


(bandingkan Tuti Munawar, 1991). Jadi hanya mungkin kita tafsirkan dalam pembatasan bahasa, zaman, genre, dan karyanya itu sendiri (Robson, 1978: 34). Penyajian transliterasi dan terjemahan ditulis ke samping, pada demi pada disertai nomor urut secara khusus (setiap pupuh) dan nomor urut pada secara keseluruhan.

2.2 Transliterasi Teks

I. PUPUH SINOM (16 pada)

001. (01) Kuring diajar nyarita, tapi basa langkung la'ip, nyaritakeun nu baheula, Ki Ganda sareng Ki Sari, jeung rakana sareng rai, saderek tunggal sasusu, geus lawas teu patepang, geus kitu tuluy papanggih, barang amprok tuluy sasalaman.

002. (02) Eh Kakang hatur bagea, eta caturna Ki Sari, naha Kakang lawas pisan, ayeuna Kakang papanggih, iraha Kakang nya sumping, ayeuna katimu timana nya ngumbara, geus lawas hanteu papanggih. Kai Ganda ngawalon, saparan-paran.

003. (03) Kakang kuring atoh pisan, ayeuna Kakang papanggih mangga Kakang geura dahar, tilam sono jisim kuring, prak dahar raka jeung rai, di bale papayun-payun, jeung bari sasauran, duaan pademit-demit, Kai Sari pok nanya ka Kai Ganda.

004. (04) Kang rai hayang uninga, lampah poe anu dihin, reujeung kalakuanana, geura popoyan geura kuring, reujeung dewana teh deui, eta poe anu tujuh, Ki Ganda seug popoyan, Kang raka man nya pamanggih, tapi duka mun salah Kakang pagahan.

005. (05) Mimitina poe Ahad, eta anu dihin, Sarangenge lakuna mah, dewa Badak ceuk wong alim, reujeung poe Senen deui, dewana ge meureun lauk, lakuna oge kembang, ki Sari nyarita deui, bener temen rempag jeung pamanggih kula.