Lompat ke isi

Sewaka dharma

Dari Wikisumber bahasa Indonesia, perpustakaan bebas

Naskah Sewaka Darma termasuk salah satu dari sepuluh naskah Ciburuy, salah satu kabuyutan pada masa Sunda Kuno. Ciburuy merupakan salah satu kabuyutan (atau mandala bila di Jawa Tengah dan Timur) tempat menuntut agama kaum intelektual masa dulu, kini terletak di Bayongbong, Garut, Jawa Barat. Sebagai koleksi Perpustakaan Nasional Jakarta, naskah ini diberi nama register Kropak 408. Yang pertama mengumumkan naskah ini adalah Saleh Danasasmita dkk tahun 1987. Naskah ini tertera pada daun rontal yang ditoreh oleh peso pangot, pisau khusus untuk menulis pada daun, bambu, atau kayu. Huruf dan bahasa yang dipakai adalah Sunda Kuno. Bentuknya puisi. Naskah ini terdiri atas 37 helai daun rontal, 74 halaman, di mana hanya 67 halaman yang terisi.

Ini kawih panyaraman Pikawiheun ubar keueung Ngarana pangwereg darma Hawakaneun sang sisya Nu huning sewaka darma

Anaking, mulah mo yat-yatna Reungeu sabda sang pandita Ingetkeun hayuwa lali Teher nging ngenak-ngenak rasa Ngarana ngapakeun tali

Ingetkeun na dasa sila Iseueuskeun na panca sakit Iyan ta ningkahkeun raga Mayahkeun sarira Ngalekaskeun suku tangan

Suku milang awak urang Lamun salah lengkah Eta matak urang papa Leungeun lamun salah cokot Eta matak urang papa Ceuli lamu salah denge Eta matak urang papa Panon lamun salah jeueung Eta matak urang papa Irung lamun salah ambeu Eta matak urang papa Sungut lamun salah hakan salah inum Manguni salah nu sabda Lamun sabda teu tuhu Lamun lain sabda jati Lamuna hamo rahayu Lamun tiis bawana Eta nu disalahkeun Nu maka papa kalesa Sanyarah na angen-angen

Sapamilang pengeusi raga Nu dipiawak sarira Eta nu matakak malalat Eta nu ngindit ngarampid Nu maanan kana kawah

Lamun salah di kreti Hala hedap hala tineung Hiri dengki kasakalih Makeya neluh ngaracun Ngagunaan mijaheutan Sakara ning hedap dusta Mati-mating na wong sadu Ja barya hanteu dosa Sinengguh inyana dusta

Utun anaking sumangir Mulah mo yatna-yatna Anaking sewa sogata Ayeuna datang ka mangsa Ketepi ma sandi pati Datang ka salaka hurip Kajeueung kingkila Anggeus awas na kapramanaan Kadenge antag-antagan Kingkila buyut dek mangkat Nu dek ninggalkeun kahanan.

Dora sanggeus dibukakeun Jalan anggeus dicaangan Mulah sawah geuning bijil Sora dora larangan Samecat Sanghyang Atma Sadeuri Sanghyang Hurip Lungga Sanghyang Premana Moksah Aci Wisesa Maka ti sarira Anggeus di ranti kurungan

Lunyay betan demas pindah Betan kunang-kunang leumpang Kadi kuwung-kuwung metu Betan panah ka luhur Betan sekar pamujaan Betan katumbiri jadi Kadi bulan ngagantaran Betan panonpoe sabijilna

Hanteu nu diheureuyanan Na msuh anggeus kalalar Kaliwat reya nu kawah Anggeus kaleumpangan Kapungkur batu kacakup Sang Yama tesa sumembah Nyeueung atma ngalalar Katon sakti di nyimbah wasa dora Kala magahan jalan kana kasorgaan

Tuluy nyorang beunang nyayu Tajur pinang Kumara sinar hanjuang Sasipat mata handeuleum Salaput beuheung tatali kayu widuri Manyara deung kembang bulan Wera tumpang wera lancer Kembang soka kapuracata Kembang tere rane Jahe singungu hanoja Dilem padma putih Mendadaki kembang susun Kembang menur kembang bunga pala Dara puspa kembang puspa gading Malati kembang huru kajut Kembang dongdoman Kembang teleng bunga hireng Kasumba deung kapuracata Deung kembang jaman katilu Ki saruni keling kembang cina janaraya

Geura salin papakeyan Panganggo yeuh boeh rampes Ragala boeh larang Disasarah pipinggir taluki renggi Rawito waya sinbur sinyaja Disebutkan jamar tali katela Dikeris rusa malela

Beuteung reueus ku sakitu Bogoh ku nyeuseupan inya Nyeuseup sarining kembang Udana bangbara tunggul Seyahna bangbara kumbang Paktisori jaga ma di dewa Engang deung tiwwan Sireupeun deung teuweul kaak Seyahna ku sorana Sada haja-haja nu becet

Kapisarengseng kapicengceng Kapiroel kapigimba Kapicengcang kapibarung indung singgul Larina karasana Kasidi sabwana magawa hayu Sedahan marepehan ti kayanangan

Lamun barta di tihang beusi Ditelar ku purasani Dipamikulan ku malela Dilayeusan teja putih Diwilahan tambaha sukla Dihateupan ku salaka Dituruban ku pirak kapas

Dililinggaan ku manik Diukir ditiru kembang Mitumpang meru kacana Diukir dinanangankeun Kaluhur naga palayu Kateyoh naga puranteng Di tengah naga patengteng Merak ngigel di puncakna Eunteup gawa until saka Dipiwastan demas kolot Disareyan ku panamar Dijeujeutan demas ngora Ditatapkan cundiga Dibalay kadi kapintas Dipipinggir rustalisan

Anggeus uga kalambar Diuk di palangka demas Saraga beunang ngalukis Dikasuran kamogiti Dikasangan boeh larang Kulambuna lungsir keling

Nanggapan sada canang Sada gangsa tumpang kembang Sada kumbang tarawangsa ngeuik Sada titilaring bumi Sada tatabeuhan jawa Sada gobeng direksa calintuh di anjung Sada handaru kacapi langa Sada keruk sagung

Beuteung bogoh ku sakitu Tapak sapu beres keneh Barentik marat nimurkeun Manah pupus ku tikukur Manah saar ku titiran Maryagat ku tapak jalak Dyawuran kembang ungra Misanak jati rupa Kalumbi lungsi dewangga Beunang nyulam ku haremas

Anggeus salin papakeyan Rampes beunang babasahan Titip linyih huis damis Dadar lesang Haji pantes listuhayu Mahardika ngalagena Durgahena maragancayan

Anggeus mulih jati rupa Muliya teja madilah Kaminyar teu kapademan Sakitu eta byaktana Nu tuhu mangun hayu Laksana miguna tapa Nuturkeun saur nu tuhu Mapay sabda nu bisa Kena tutur kawastwanana

Tembey datangna prabeda Nu ngagogoda bancana Datang pwah wedadara Deungeun pwah widadari

Anaking Sanghyang Atma Ulah tadi teuing eureun Sugan aya kamalinaan Sugan kabawa jeueung Sugan kabawa ku denge Tutur tutur aja lali Inget-inget haywa lupa Kena ku panyasarkeun Sanembal Sanghyang Atma

Samapun teuteuleu amat Da ing can lamuning daek Ja nyaho inya naraka Ja ngagawa tresna keneh

Nu nyarek henteu didenge Nu migi teu dipitineung Tonggoy kana pilaloan Mo lipi dina husireun Mawa na tineung sorangan Malikan katumbiri Malikan katumbiri Tuluy kana kuwung-kuwung Nyaleket di panonpoe Naglalar ka teja mentrang Nojerkeun batu pratiwi Ngarapet taraje demas

Datang ka wekasina sabda kasuniya Lawan taya heuleut Beurang lawan wengi Datang ka bwah tingkah Eta kasorgaan Jawawuwa tingkah papa sangsaraan Liwat sadu undak ti inya Datang kana manarawang Katenjo para dewata Gunung Kendan Medang Menir Palungguhan para batara.

Di timur Batara Isora Kahyangan pirak putih Tihangna perak di ukir Bahana pirak sagala Dihateupan pirak cina Dituruban ku pirak Dililinggaan ku manik Disareyan pirak malaka Didingding ku pirak keling.

Imah manik dikarancang Warnanan ukir-ukiran Direka ditiru kembang Kahanan Hyang Isora Husireun nu ngawerati Dinya kasorgaanana

Ti kaler Batara Wisnu Kahyangan miru hireng Tihangna beusi diukir Bahana beusi sagala Dihateupan beusi cina Disarean ku malela Didingdingan ku beusi kuning Lilinggana beusi panamar Diukir bahana manik dikaranycang Warnana ukir-ukiran Diukir ditiru kembang Kahanan Batara Wisnu Husireun nu rampes twah Dinya kasorgaanana

….

Anaking Sanghyang Atma Manah cunduk mo dyajak Manah mo di undang Nu tuhur teher laksana

Teher herang tineung Manah cunduk kana panuhun Manah datang kana tangkal Manah nepi kana jati Manah deukeut kana anggeus Datang ka ambu ka ayah

Suka tanpa balik duka Wareg tanpa balik lapar Hurup tanpa balik pati Sorga tanpa balik papa Hayu tanpa balik hala Nohan tanpa balig wogan Moksa leupas tanpa balik wulan

Twatwag ka jati niskala Luput ti para dewata Leupas ti sanghyang Tan hana kara Lenyep anyara cintya Kena rampes tanpa denge Kena suwung tanpa wastu Ka nu lengis tanpa kahanan Deung alitan Hanteu pati dipiganal Hanteu kasampak di luput Hanteu pabaur Hanteu dingeunah dicandu teka Hanteu barayana hanteu deungeun Sarwa tunggal wisesa

Nu maca inya Ulah dipipanaswasan Reungeukeun teher rasakeun Picarek teher turutan pun

Atma milang sinurat ring merega Paying beunang numpi Di Gunung Kumbang pun Batur Ni Teja Putu Bancana Tilas sandi ti Jenggi Pangwedar beunang Buyut Ni Dawit pun

Sangakwakwana mahala ka ing Lempurang dening sasaur Uraceuk loter Kadinya lacakeun yuyu cina

Carita bisi kurang wuhana Leuwih longana

Lamun batri sasanga mancal luhur ma Ya tanpa milih tan sinungan pun

Sambat aing nama Siwaya Da ngemis gamut wirahana pati Pantang panting sarasoti Nanu hamas haba jaja pun

Kuta wawatan